Musibah Longsor di Kabupaten Cilacap

Nembe teh aya wartos ti website-na Pamarentah Kabupaten Cilacap, yen dina dinten minggu kaping 18 Januari aya Musibah anu kajantenan di wewengkon Dayeuh luhur...nya eta salah sahiji wewengkon Kabupaten Cilacap bagian kulon. Kajantenan Musibah ieu karandapan ku baraya di Desa Panulisan Barat sareng Desa Cilumping, sabab musababna mah ku alatan turun na hujan anu tutuluyan aya dina sa-babaraha dinten sareng ditambihan ku kaayaan atanapi kondisi wilayah anu mangrupa pipir sareng gawir/jurang anu lungkawing.

Salintang di Dayeuh luhur, Musibah Longsor oge karandapan ku masyarakat di Desa Surusunda, Kecamatan Karang Pucung...Musibah anu sanesna, Ngamukna Si Angin Topan atanapi dina Basa Jawa teh disebatna Angin Lesus...nya eta kajantenan di Desa Segara Langu Kecamatan Cipari, 12 bumi anu ruksak, opat warga-na cidera.

Duh gusti...naha Cocobi teh bet mani runtut kieu...?? Pangharepan Abdi mah...mugi bae ieu teh sanes piwales Pangeran nanging Ujian pikeun urang sadaya.


Sumber : Pemkab Cilacap

0 komentar:

Posting Komentar

 
Dirojong ku Blogger | Dirancang ku Trik-tips Blog © 2009 | Resolution: 1024x768px | Langkung sae upami di tingali nganggo: Firefox | Ka Tepas